Dadang: Rizky Al-fikri
Neng Enok: Miftakhul Jannah
Ema Dadang: Silmi Destiaty
Abah Dadang: Zaenal Wahidin
Kang Soleh: Bobby Septian
Ema Neng Enok: Youlva Berkahti
Pricil: Juenva Adelia
Mang Asep: M.Najmudin
*****
Adegan 1
Hiji mangsa, ti hiji kampung Bojong Leungit aya hiji kaluarga anu di antarana Abah, Ema, jeung anakna Dadang.
Di buruan …..
Ema: Dang….
Abah: Dut!
Ema: Dang….
Abah: Dut!
Ema: Naaaa, ari abah nanaonan?
Abah: Teu ah!
Dadang : (nyamperkeun ema) Aya naon atuh ma, meni rariweh. Dadang teh keur hese-hese berjuang teh.
Ema: Berjuang naon ari maneh teh?
Dadang : Eta…biasa keur setor di cai.
Ema: Euleuh-euleuh…. ari si Dadang, dasar manehmah bisana ngan ukur hardolin weh!
Dadang : Hehe… aya naon tadi teh ma ngageroan Dadang ? Mun sakira-kira penting mah sok ku dadang di dangukeun. Ngan, mun teu pentingmah sori-sori weh ma Dadang teh sibuk!
Ema: Euleuh si borokokok! nya penting atuh ieu mah, matak ge dangukeun heula ema! Cik kadie, tah maneh diuk didieu (nuduhkeun tempat diuk). Kieu dang, gening si enok teh rek dijodokeun.
Dadang : Ah, di jodoken kumaha?
Ema: piraku maneh teu ngarti Dang? ari maneh pernah dahar bangku sakola can? Piraku kitu wae teu ngarti !
Dadang : Aduh si ema, aya-aya wae tumaros teh ma, piraku dadang nuang bangku sakola? Nya can pernah atuh ma! Tah lamun si sumanto pernah, mineng malahan.
Ema: Euleuh si dadang ! sumanto mah lain dahar bangku sakola atuh dang, ayana ge dahar daging jelema! Ah maneh mah lieur. Yeuh dang, si enok teh dek dikawinkeun ku indungna!
Dadang : Ohhhh…… dikawinkeun. Ngomong atuh ma titatadi, dikawinkeun kitu! Jadi meh ngarti, teu bolat-balit kawas tadi.
Ema: Eh, si dadang kalahkah nyebut “oh”. Itu dang, si Enok dek dikawinkeun!
Dadang : Hahhh? Apa ma??? tiiidakkkkk!!!!!!!!
Ema: Apah,apah jiga orang kota wae!
Dadang : Tah eta ma?
Ema: Tah eta naon?
Dadang : Nya eta dadang teh kudu ka kota dek neangan duit jang ngalamar Neng Enok.
Ema: Ulah Dang, ema mah teu satuju
Abah: Abah ge teu satuju!
Dadang : Atuh ma, bah pan dadang teh dek ngalamar neng enok kudu make biaya, ku duit ma, duit! Janten dadang teh kedah gawe meh meunang duit keur ngalamar si neng enok.
Ema: atuh dang, lamun dadang indit engke ema jeung saha?
Abah: naaa, ari ema, ieu abah moal dianggap?Teuing ah, abahmah dek pundung we ah. (asupka jero imah)
Dadang : pokonamah dadang dek indit ka kota, titik (bari indit)!
Ema: daaaaaaaaaaaannngg!!! Jangan tinggalin emaaa!!
Dadang : meni lebay ma, dadang mah moal ka mana-mana.
Ema: lah eta maneh dek kamana?Dadang : dadang mah dek ka imah si neng enok, dek mastikeun beneur henteu neng enokteh dek dijodokeun.
Ema: oh… panya teh dek kamana?
Adegan 2
Ti dinya dadang langsung indit ka imah neng enok, maksadna mah dek mastikeun bener henteuna isu perjodoan si enok.
Di buruan enok ….
Dadang : enok …
Enok: muhun kang?
Dadang : leres enok tek bade di jodokeun?
Enok: muhun kang, tapi enok teh alim dijodokeun, da enok mah cintana ge kan ngan ka kang dadang saurang. (isin-isin)
Dadang : sami enok, akang ge cintana ngan ka enok saurang. Matak ayeuna akang bade angkat ka kota, bade milarian acis kanggo nagalamar neng enok. Janteun, antosan akangnya neng?
Enok: muhun kang, enok jangji bakalan satia ka akang, bakal nungguan akang dadang dugi ka mulih.
Adegan 3
Wengina, tanpa kanyahoan ku sasaha, dadang mereskeun baju, maksadnamah bade kabur kajakarta tea. Si dadang langsung indit ka jakarta, ngan teu ijin heula ka ema jeng ka abahna.
Isuk-isuk di dapur….
Ema: Daaang!
Abah: (diuk di korsi) Dut!
Ema: Daaang!
Abah: Dut !
Ema: euh si abah kabiasaan! Kamana nya si dadang teh? naha, sare keneh kitu?
Abah: duka, abah mah teu apal. Cikan pariksa ka kamarna, bisi ngagoler keneh.
Ema: hayu atuh bah urang pariksa.
Ema jeung abah mariksa ka kamar si dadang.
ema: (asup ka jero kamar) aduh abah … si dadang kamana? Naha teu aya di kamarna?
Abah: kuanaon ma, kunaon?
Ema: ieu bah, si dadang eweuh!
Abah: naha ? si dadang teh kamana? Cik teangan di kolong kasurna, bisi ngagulutuk!
Ema: (mariksa kolong) teu aya bah!Abah: (manggihan surat) ieu naon nya? (ngomong lalaunan). Ema, ari ieu naon?
Ema: cik ema hoyong ninggal! Bah, ieu teh eusina naon?
Abah: euh si ema, sugan teh bisa maca.
Ema: hehehe…..
Abah: (maca surat dadang)
Asalamu’alaikum wr wb …Ma, bah, hampura dagang nya?
Ema: dadang bah lain dagang.
Abah:euh atuh da tulisan teh siga ceker munding.
Ema: si abah aya-aya wae, sok tuluykeun deui bah.
Abah: (nuluykeun maca)
Asalamu’alaikum wr wb …Ma, bah, hampura dadang nya? Dadang teh nekad ka Jakarta teu pamit heula ka abah sareng ema. Margi, upami dadang pamit ka ema, dadang moal diijinan ku ema, janten dadang teh kabur wae. Dadang ka Jakarta teh demi neangan artos kanggo ngalamar si enok. Upami, ema sareng abah kangen ka dadang mah, telepon dadang weh. Engke dadang ge pasti uih, antosan dadang weh nya ma?
Lop yu ema,… lop yu abah….
wasalamu’alaikum wr.wbAnakmu tersayang,Dadang si kasep tea.
Adegan 4
Ema langsung ka bumina enok. Maksadnamah dek ngabejaan kaayaan si dadang.
Di imah enok…
Ema: enoook …. enooook….
Ma ijah : heh, aya naon ieu ribut-ribut? Ngaganggu pisan!
Ema: kieu, si dadang teh kabur!
Ma ijah : nya terus hubunganna jeung didieu naon?
Ema: muhun, ieu teh bade ngabejaan si enok. (ngomong lalunan) euh, dibageur-bageur kalakah sosorongot!
Enok: (jol ti jero imah) aya naon ma?
Ma ijah : engges …. engges, si enok mah geus boga calon jadi eweuh urusan deui jeung si dadang!
Ema: nya puguh aya, yeuh dengekeun, si dadang teh kabur gara-gara saha? tuh gara-gara anak maneh si enok!
Ma ijah : kunaon kitu jeung si enok?
Ema: eh, si dadang teh kabur gara-gara anak maneh, eta si enok. Demi rek ngalamar si enok, si dadang teh ngabela-belaan kabur ka jakarta keur gawe!
Ma ijah : nya eta mah salah si dadang bet kabur! Titah saha kabur sok? Barinage mun sidadang geus gawe, angger weh moal satuju boga minantu kos si dadang! Teu lepel!
Adegan 5
Dadang : (bari leumpang) euleuh-euleuh, ieu teh jakarta kitu? Imah-imahna alalus euy, beda pisan geuning jeung imah di lembur mah.
Mang Asep : pokariswet… pokariswet! (lempang bari nubruk dadang)
Dadang :eh si emang, ati-ati atuh mang!
Mang Asep :eh, si ujang, ti lemburnya jang?
Dadang : muhun mang, bisaan euy si emang nebakna.
Mang Asep : ari ujang bade naon ka jakarta?
Dadang : ieu mang, dadang teh bade nyiar gawe. Kumargi dadang teh bade milairian artos kanggo ngalamar si enok di lembur.
Mang Asep : oh kitu, sok atuh nya cing sukses milari gawena. Ngan ati-ati nya jang?
Dadang : naha mang? Ati-ati kunaon?
Mang Asep : yeuh kadie jang, ku emang bejaan!
Dadang : he’eh sok mangga!
Mang Asep : kieu jang, di kota mah urang teh kudu waspada tur ati-ati. Sabab, di dieu mah rawan panipuan jeung pancopetan! (bari nyokot dompetna si dadang)
Dadang : oh kitu nya mang?
Mang Asep : nya emang kitu, matak kudu ati-ati nya jang? Lamun anu teu kenal mah ulah diladenan weh nya? Nya entos atuh emang bade neraskeun deui dagangna, mun kitu mah nuhun nya jang?
Dadang : mangga mang, mangga. Eh si emang bageur-bageur teuing. Kedahna oge dadang anu ngomong nuhun teh da entos di wartosan ku si emang! (nyekel beuteng) aduh, dadang lapar euy, dek meuli dengeunna heula ah. (mariksa saku) euleuh ari loket dadang kamana? Ah, ken bae lah leungit loket hungkul mah, barinage euweuh eusina, nagan aya poto hungkul.
Sementawis Mang Asep si tukang pokariswet mariksa loket si dadang.
Mang Asep : untung euy, ayeuna meunang loket (bari muka loket). Eleuh… naoneusina teh ngan poto hungkul? Euh dasar abong ti kampung. Cik heula asa apal ieu poto teh, poto sahanya?
Oh …. ieu teh tatangga pasbaheula di lembur. Aduh si ieu teh budakna si abah tea geningan. Engke welah mun papanggih urang baliken deui.
Di jalan bakat ku kagum ka bangunan di kota, dadang teu merhatikeun jalan.
Dadang : uluh…. meni raresep kieu euy di kta mah.Mun dadang geus beunghar mah dek pindah ka kota. Harade kieu bangunanna.(nabrak awewe)
Pricil : aw!!
Dadang : (terpesona) wah….
Pricil : (ngibaskeun buuk)
Dadang : witwiw …..
Pricil : ih apaan sih lo?
Dadang : neng meuni ka geulis pisan!
Pricil : nora banget sih!
Dadang : euh si neng meuni ka sombong pisan.
Pricil : masalah buat lo? (bari indit)
Dadang : Kela neng, asa apal akang teh ka eneng.
Pricil : Apal kumaha nya? Panggih ge asa kakara.
Dadang : rupanamah eneng teh mirip jeung si entin baturan SD dadang. Anu osok busiat di juru!
Pricil : Eh si Dadang! Geus atuh busiatnamah tong di bahas!
Dadang : tuh kan bener! Eleh ni gaya si entin ngaran jadi pricil geus pindah ka kota mah.
Pricil : Udah ah gak usah bernostalgia! Awas Dang, mun panggih deui di jalan ulah ngageroan abi entin deui! Komo disebutkeun busiat namah!
Dadang : Kalem weh tin eh pricil! Da Dadang mah cees yang baik.
Dadang : euleuh ieu teh kudu kumaha deui dadang teh nyiar gawe? Meunika hese pisan geuning neangan gawe di kota teh.
Adegan 6
Enok: (monolog) kang dadang …. kamana atuhkang dadang teh? Teu aya ngabaran pisan. Enok teh kangeun ka akang, akang oge kangen teu ka enok? Inget teu ka enok? Boa-boa akang teh pependang jeung istri nu lewih geulis ti enok. Euleuh….. enok teh jadi teu genah hate kieu. Kudu kitu enok teh narima lamaran kang soleh? Tapi kang dadang?
Kang Soleh: Neng enok, ngalamun wae atuh.
Enok: eh akang geuning. Tos timana kang?
Kang Soleh: eta tos ngangon domba di kebon. Ngalamun naon atuh neng enok teh?
Enok: enok teh bingung kang, enok tacan tiasa nampi lamaran ti akang da masih ngantosan kang dadang tapi kang dadang teu aya kabar wae geuning.
Kang Soleh: oh, teu kedah bingung atuh neng. Tos weh tarima lamaran ti akang, akang mah bakal satia ka neng enok. Katambah pan si ema ge tos satuju ka akang mah.
Enok: (ngahuleng bari mikir)
Adegan 7
Mangbulan- bulan si dadang di kota, akhirna dadang balik deui ka kampung, mawa duit keur ngalamar si enok.
Dadang: ennnnoooookkk.. (slow motion)
Enok: (pas dadang tereh deukeu enok) stop heula kang!!
Dadang : kunaon nok ? (bingung)
Enok: enok teh bade nyarios ka akang.
Dadang : muhun apan akang oge bade nyarios ka enok. Tapi sok atuh enok heula, ledis pers tea.
Enok: kieu kang, sateuacanna enok teh bade nyungkeun hapunteun ka akang. Sabenerna enok teh……
Dadang : sabenerna enok teh naon…?
Enok: enok teh tos nikah sareng kang soleh. Sakanteunan enok teh bade pamitan ka akang. Enok teh bade pindah sareung kang soleh.
Dadang : jadi… enok teh…..
Enok: muhun kang. Enok nyungkeun hapunteun kang. Kang, ari akang tadi bade nyarios naon?
Dadang : euh… heunteu, eta euh…dadang teh bade euh… eta ngamandian munding.
Enok: tapi sanesna munding teh tadi tos di mandian?
Dadang : euh… eta naon teh euh… can di sikat gigian. Tos atuhnya nok. Selamet weh nya.(bari indit)
Dadang : neng enok teh meuni tega pisan ka akang. Akang teh jauh-jauh merantau neangan duit keur ngalamar enok, tapi enok teh khianat. Enok teh teu satia ka akang. Munkitu teh keur naon atuh akang balik deui ka dieu, ai ninggali enok jeung nulainmah. Ah sedih….”
Rengse
Inspired by:
http://blognisa18.blogspot.com